"SIAPAPUN PRESIDEN RI MENDATANG, WAKILNYA ORANG SUNDA"

MUKADIMAH

 

Kalayan nyebat jenengan alloh SWT,Organisasi Paguyuban Pasundan nu diadegkeun di Batavia (ayeuna Jakarta) dina kaping 20 juli 1913 saterusna di daftarkeun ka Pamerintah Kolonial Walanda kaping 22 september 1914 kalayan meunang stateus badan hokum no.46 tanggal 9 desember 1914 dimuat dina Javasche Courant kaping 8 januari 1915 dumasar kana koninklijik Besluit No.2-1870-Stb jis no.24-1898,Stb No.432 Kaping 14 mei 1913 jeung Stb 1933 No.89 kaping 25 pebruari 1933 ngeunaan tambahan,Pangungkas panyampurnaan AD/ART Paguyuban Pasundan di daftarkeun di Pengadilan Bandung dinten senen, kaping 5 Oktober 1992 nomor 34 jeung didaftarkeun dina tambahan berita Negara RI kaping 30 oktober 1992 nomor 87 ngalangkungan keputusan menteri kehakiman RI no.C2-7128 HT.01.03.th.92.

 

Paguyuban Pasundan ti saprak diadegkeun ku para mahasiswa Stovia nyaeta para tokoh pemuda sunda nu samemehna icikibung dina gerakan perjuangan ngarebut kamerdekaan babarengan jeung gerakan boedi oetomo (sabagean tokohna mangrupakeun pecahan tina gerakan boedi oetomo) ngagedur terus teu kungsi eureun, gerakan perjuangan paguyuban pasundan leuwih di teueulkeun kana ngatik ngadidik nonoman(hususna nonoman sunda) sangkan boga jiwa gerakan jeung patriotik nasionalis pikeun jadi pejuang-pejuang bangsa katut negara dina mangsa revolusi. Dina taun 1922 Paguyuban Pasundan mimiti ngadegkeun HIS jeung dina Taun 1928 ngadegkeun MULO Pasundan di Tasikmalaya, saterusna nuluy nuturkeun di tiap daerah ngadeg sakola Pasundan (kaasup di jakarta , cirebon jeung banten ayeuna), ngadeg oge bank pasundan, badan reklasering (sosialisasi mantan tahanan penjajah), bale pangobatan pasundan, nepi ka nerbitkeun koran sipatahunan minangka alat pikeun propaganda jeung ngalawan kawijakan penjajah sapagodos jeung udagan pokona nyaeta merangan bodo jeung kokoro. 

 

Paguyuban pasundan dina mangsa revolusi nepi kawaktu rek ngarebut kemerdekaan salawasna silih sokong silih rojong jeung organisasi lainna ngusir penjajah bari sarua boga tekad pikeun jadi bangsa mandiri anu merdeka, kujalaran kitu dina mangsa kemerdekaan paguyuban pasundan milu ngeusian ku sarawangna aktivitas( hususna atikan) pikeun ngahontal kabagjaan hirup jeung huripna lahir kalayan batin nu di pirido ku alloh subhanahu wata’ala. 

 

Paguyuban Pasundan mangrupa organisasi kamasarakatan , perjuangan jeung organisasi kader, nempatkeun dirina jadi puseur perjuangan Ki sunda anu sadar pisan yen perjuanganana bagian tina perjuangan sakumna masarakat indonesia nu tukuh jeung pengkuh tekadna pikeun miara ajen Bhineka Tunggal ika; salawasna Paguyuban Pasundan narekahan, pikeun ngajanggelukeun cita-cita Proklamsai Kemerdekaan Negara Kesatuan Republik Indonesian, dituturusan ku Budaya Sunda, didasarkan ku Agama Islam bari dipayungan Ku Dasar Negara Pancasilapikeun reugreug pegeuhna ajen inajen hirup-hirupna nu nyundan katut tatakrama sunda salalawasna. 

 

Tatar Sunda, mangrupa daerah nu subur, endah tur pikabetaheun balarea, lolobana jadi tempat panganjrekan jeung kehirupan Ki Sunda no bota watek agamais (religius) jeung miboga ajen budaya kacida luhungna, disagedengeun boga sikep ludeung, ajeng-panceg, turta macakal seorangan (mandiri) jadi penunjul kekayaan lahir batin salawasna ti birahi nepi ka kiwari. 

 

Dumasar kana sejarah paerjuangan bari teu leupas tina tatali parantina, Ki Sunda boga tekad kelayakan buleud pikeun ngingelan jeung ngigelkeun jaman, mupuk sirung malar nanjung, miara akar sangkan tohaga loba kabisa , bari terus mepek balad merangan sarwaning bangbaluh alatan beuki mahabuna ajen deungeun nu baris nandasa nepi ka nelasan linuhungna ajen Ki Sunda sorangan. 

 

 

Nyoko kana keyakinan, kekuatan jeung cita-cita sakumaha kaunggel di luhur, Paguyuban Pasundan : Di kiwari ngancik bihari seja ayeuna sampeureu jaga, kelayakan nyebat asma Alloh, SWT , Bismillahirrahmanirrahim, wanci ieu naget ieu netepkeun panyampurnaan/perobahan Anggaran Dasar Paguyuban Pasundan anu lengkepna sakumaha kaunggel dina Bab, pasal jeung ayat seperti dijentrekeun dihandap.



Untuk lengkapnya, Anda dapat mengunduh AD/ART pada link berikut AD/ART LENGKAP